Kahirupan Warji, budak yatim umur sawelas tahun, kacida balangsakna, katurug-turug deuih ku barudak papantaranana remen dijailan, pangpangna ku Si Begu jeung Si Utun.
Kawantu budak ngan hiji-hijina, SI Emed diogo ku indungna. Ari tabeatna bengal kabina-bina, ka kolot sok bahula, ana dititah kacida liwarna. Karesepna taya deui ngan ulin ampleng-amplengan.